Selasa, 01 Juni 2010

{Curhat in Sundanese} === Gara gara Popotoan===

Kieu caritana:
Abdi kan kamari teh bade angkat nga-bimbelan barudak. Nah biasana abdi pami angkat ka tempat les osok ngangge motor. Ari pek teh pas bade angkat konci motor na duka nyelap dimana, dipilarian kaditu kadieu teu aya wae. Malihan mah sanes ku abdi hungkul milarian si eta konci motor, tapi ku sabumi sadaya anggota keluarga dikerahkeun angge milarian si konci motor eta..

Tapi ampuuuuuunnnnn teh meni teu kapendak wae eta konci motor teh, padahal kira2 satengah jam an sebelum na abdi teh ngangge eta motor angge ngajemput ibu abdi nu bade uih ka bumi. Hilap nyimpen jigana mah. Dipilarian di tengah bumi teu aya, di kamar nyalira teu aya, di kamar si teh ina teu aya oge, di ruang tamu komo teu aya da tadi teu kadinya heula. Kolong kasur, lomari, jeket, sagala di acak2 teu aya oge, sampeikeun ka dapur sareng tempat cuci piring di pilarian oge, bisi aya eta konci motor nyelap diantara piring2 kotor wkwkwkwkwk..

Gustiiiiii nu agung, sampekeun ka kesang badag-kesang leutik ngucur di tarang saking ku reuwas na bisi kaburu kasiangan. Padahal eta teh tos milarian konci salami satengah jam, meniiiii can kapendak2 wae sakitu ku seeuran nu milarian na. Abdi di ambeukan ku sadayana soalna meni ngahesekeun batur wakakakakak *ditarimakeunnn lah da salah abdi nu taledor..

Teruss, abdi kaemutan yen sebelum abdi tadi bade siap2 angkat, abdi teh popotoan heula nyalira di kamar. Nah eta si camdig nu di angge popotoan teh tadi ku abdi langsung disimpen di excel (eta geuning sorog angge acuk tina bahan plastik). Langsung weh abdi ka kamar muka sorog excel ehhhhhhhhh singhoreng eta konci motor teh nuju candeluk cindekel weehh dihandapen camdig nu aya di sorog kamar.. EUUhhhhhhhhh cape deh ternyata titatadi aya didinya, di kamar abdi nyalira.. Pikasebelenn teh gara-gara popotoan jadi weh abdi nalangsa satengah jam ngubek-ngubek bumi

Terus, langsung deh abdi ngebutt angkat..


Nah, terus hiji deu carita tdi siang..
Kan kieu:
Abdi teh nuju lapar carita na teh. Di bumi tadi enjing-enjing teh si gas seep, jadi teu tiasa masak. Terus tukang dagang wuduk nu caket bumi teu dagang da nuju teu damang. Ibu-bapak-teh ina tos nyaliar ka tempat damel na. Akhirna, siang na abdi meser nasi padang pake rendang di rumah makan simpang ampek (mun teu salah mah), nasi padang dibungkus dicandak uih.. Terus aya kajadian nu pikasebelen pas dugi ka bumi, yen si nasi padang+rendang nu ku abdi antos-antos ehhhh singhoreng liat, jiga nu teu asak masakna, teu tiasa di gegel-gegel acan. IHHHHHHHHH bete bete bete deh. Geuleuh tuda, bade uih deui kaditu da hoream panas, akhirna abdi emam nasi na w hungkul jeung kuah na (deui).. Arghhhhh pokokna teu puas emam nasi padang na. Engke mah moal kadinya deui ah, kuciwa soalna.

Tos ah, ayeuna abdi bade berangkat heula. tapi tunduuuhhh uy
Engke deui nyak. Wassalam..

5 komentar:

  1. halah...halah....lieur, teu ngartos euy, mana di google translate ngga ada pilihan dari sunda ke indonesia pula^^

    BalasHapus
  2. mbak ulfa hihihihi eta tiasa bahasa sunda geuning mbak?? iya ntar dibikin google translate dari sunda ke indonesia biar yang baca pada ngerti hihihi...

    BalasHapus
  3. wkwkwkwkwkwkwkwkwkwk.... gugulitikan.... bari rembay cimata :)) =))
    D.A.S.A.R.!.!.!

    BalasHapus
  4. Mamang ukis: wkwkwkwk maenya tepi gugulikan? Sakantenan w guyang di walungan :-D :-D pisss nyaak :-D

    BalasHapus
  5. walungannya kiwari memprihatinkan... ciliwung... hehe

    BalasHapus

Hadiah Ulang Tahun dari Anakku

Alhamdulillah syukur tak terhingga atas nikmat-nikmat Alloh yang diberikan hingga detik ini. Alhamdulillah Alloh amanahkan kepada kami anak ...